Réa anu boga sangkaan yén wayang téh asalna ti nagri India. Sok padahal, nurutkeun R. Gunawan Djajakusumah dina bukuna Pengenalan Wayang Golek Purwa di Jawa Barat, éta hal téh teu bener. Ceuk R. Gunawan, wayang mangrupa kabudayaan asli Indonésia(hususna di Pulo Jawa).
Kecap “wayang” anu asalna tina “Wad an Hyang”, hartina “karuhun”. Tapi aya ogé anu boga pamanggih yén kecap wayang téh asalna tina kecap “bayangan”. Ari pamanggih anu nyebutkeun yén wayang asalna ti India bisa jadi lantaran caritana nyokot tina carita Ramayana jeung Mahabrata (asalna tina Kitab Suci Hindu). Ngan satuluyna éta carita-carita téh dirobah jeung dipapantes diluyukeun jeung kabudayaan di Jawa.
Di Jawa Barat seni wayang dingaranan “Wayang Golék”. Hartina, mintonkeun seni wayang ku ngagunakeun bonéka anu dijieunna tina kai méh nyarupaan beungeut jeung awak manusa gambaran wayang. Aya opat rupa tangtungan/keureutan (figur) dina wayang golék, nyaéta: tangtungan Rahwana (golékna maké makuta kalawan modél sekar kluwih jeung ukiranana mirupa ukiran jaman Karajaan Pajajaran jeung Mataram, kalawan turunanana Suyudana jeung Dursasana), keureutan Arjuna (ngagambarkeun tangtungan pajoang sajati anu kasép tur gagah—bajuna maké supit urang—saangkatanana saperti Bima jeung Gatotkaca), keureutan Garuda Mungkur (dijieun beungeut garuda anu létahna ngelél), keureutan Binéka Sari (saperti tangkal camara disusun ka luhur kawas Wayang Kresna, Baladewa, Arimbi, Rama, jeung Indra) keureutan Kuluk, asésoris bajuna maka gambar garuda atawa sumping kawas anu kapanggih dina wayang Batara Guru, Karna, jeung Kumbakarna. Éta keureutan-keureutan wayang téh dijieun maké ugeran anu dumasar kaa seni bakatna sorangan (dumasar kahayang masing-masing). Anu sok ngajieunan wayang ayeuna kapanggih di wewengkon Bogo (Selacau-Batujajar), jeung Cibiru-Bandung.
Bagian-Bagian seni wayang golék ngawengku: Dalang (anu ngigelkeun golék dumasar caritana), golék (jumlahna ratusan), nayaga (grup atawa jelema anu nabeuh gamelan, kendang, goong, rebab), sindén, jeung juru alok. Éta kabéh unsur téh gumulung ngajadi hiji anu teu bisa dipisahkeun. Unsur nu hiji jeung nu séjénna silihdeudeul luyu jeung wirahma katut jalan caritana.
Pagelaran wayang golék biasana dilaksanakeun dina acara hajat kawinan atawa nyunatan, Agustusan, atawa lantaran aya tujuan nu tangtu anu sok disebut ngaruwat. Waktuna biasana sapeuting jeput atawa ukur sababaraha jam waé. Eusi caritana aya nu nyekel prinsip galur (nyokot gembleng tina carita Ramayana atawa Mahabrata) aya ogé anu ngagunakeun prinsip sempalan (nyokot bagian-bagian anu sakirana ngirut nu lalajo, saperti perang tanding, jeung bobodoran).
Pagelaran wayang anu ngagunakeun prinsip galur waktuna sapeuting jeput, sedengkeun anu sempalan biasana ukur sajam nepi ka dua jam. Komo deui mun pagelaranana ngaliwatan média televisi anu jam tayangna kawatesanan, bisa jadi ukur 45 menit. Dina kaayaan masarakat anu teu weléh riweuh ku pagawéan, pagelaran wayang anu singget padi padet tur euyeub ku guguyon bakal leuwih dipikaresep batan anu ngagunakeun prinsip galur—anu bisa nepi ka bedug subuh. Keur masarakat ti entragan kolot jeung gugon kana prinsip galur wayang, sigana bakal leuwih resep jalan carita aslina najan geus ngabandungan sababaraha kali. Tapi keur entragan ngora anu hanaang ku hiburan sarwa énténg, carita-carita sempalan bakal leuwih dipikaresep.
Sabaraha jumlah tokoh wayang atawa jumlah bonéka wayangna? Jawabanana, ceuk R. Gunawan Djajakusumah aya 623 tokoh wayang anu henteu kabéh kapidangkeun dina hiji pagelaran.
Nurutkeun panitén kuring (rédaksi), dina hiji pagelaran biasana mintonkeun antara 20 nepi ka 30 bonéka wayang tur anu mindeng midang nyaéta keureutan-keureutan anu geusd dipikawanoh ku masarakat, saperti Arjuna, Pandawa Lima husuna, “Si Cépot”, Gatotkaca, Bima, Rahwana, jeung komplotan Pasukan Kurawa.
Jumlah dalang anu kacatet nepi ka taun 2002 jumlahna teu leuwih ti saratusan. Ari anu geus dipikawanoh ku masarakat di antarana Asép Sunarya, Adé Sunarya, jeung Dédé Amung. Dalang-dalang anu ditataan bieu boga kamampuh ngigelkeun wayang anu hadé, medar lalakon kalawan tapis, jeung guguyon-guguyonna pikaresepeun nu lalajo.
0 komentar:
Posting Komentar