Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

17 Desember, 2008

Tutorial Aksara Sunda

Aksara Sunda geus diajarkeun di sakola-sakola ti mimiti cara nulis jeung macana. Sabada Aksara Sunda geus kaasup kana standarisasi unicode, ayeuna mah urang bisa ngetikeun Aksara Sunda kana Microsoft Office (word atawa PowerPoint), lian ti eta bisa di gunakeun deui dina program-program laina (Photoshop, Corel, jsb). Aya bangbaluh pikeun guru basa Sunda nu aya di daerah, ku sabab kurangna sosialisasi ngeunaan cara nulis aksara Sunda atawa cara ngetikeun kana wangun Microsoft Office dina nyieun soal atawa keur presentasi, jeung hésé meunangkeun aksara (font) keur nginstalkeun kana komputer. Hal ieu ngajurung kuring pikeun nyadiakeun font Aksara Sunda anu tiasa di download, sarta nulis tutorial singget ngeunaan cara ngistalkeun aksara Sunda kana Komputer. Sabenerna mah ngeunaan aksara Sunda teh geus loba ditulis di blog atawa web liana (wikipedia atawa jamparing syites.net, dadan sutisna). tah ieu mah itung-itung keur nambah referensi ceuk basa gaulna mah. Ka nu tos tiasa, punten sanes mapatahan hiber ka entog eh mapatahan hiber ka heulang... Urang kawitan wae ah:

1. Lamun can aya font Aksara Sunda, mangga unduh (download) di dieu.

2. Buka contol panel di komputer, tuluy pilih bagian font.

3. Copy aksara Sunda anu tos diunduh

4. Paste kana bagian font nu aya di control panel

5. Tah ayeuna kantun buka Microsoft Word, Pilari font aksara Sunda. Teras langsung waé ngetik aksara Sunda. Gampil pisannya.


0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com