Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

28 November, 2008

Kuda Renggong

Kuda Rénggong atawa Kuda Dépok nyaéta salahsahiji jenis kasenian hélaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka, jeung Karawang. Cara magelarkeunana nyaéta, kuda dihias rupa-rupa warna, budak sunat ditaékkeun kana tonggong éta kuda. Budak sunat anu ditaékkeun kana kuda téh leuwih ti heula geus dihias kawas raja, bisa ogé niru pakéan para dalem jaman baheula, maké bendo, takwa, tur maké selop.


Di hareupeun rombongan Kuda Rénggong aya saurang Palatuk, nyaéta saurang pamaén Kuda Rénggong, anu gawéna jadi panuduh jalan jeung pamingpin éta iring-iringan.
Tatabeuhanana mangrupa kendang gedé, goong, tarompét, genjring, atawa terbang gedé atawa bedug, malahan dibarengan ogé ku sindén katut sababaraha panari lalaki jeung awéwé. Éta arakan-arakan téh nuturkeun pituduh anu geus ditangtukeun saméméhna.
Kuda rénggong ucad-aced kawas anu nari, lantaran geus dilatih jeung geus biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana luyu jeung musik anu ditabeuh. Mun musikna anca, éta kuda ogé gerakanana anca. Kitu deui mun musikna cepet, éta Kuda Rénggong ogé bakal ngagerakkeun awakna kalawan cepet.
Gerakanana, lian ti sukuna anu ucad-aced, huluna ogé milu unggut-unggutan. Di hareupeun atawa gigireun Kuda Rénggong aya sababaraha panari, boh ti rombongan Kuda Rénggong boh ti nu lalajo atawa baraya ti nu boga hajat. Maranéhna kalawan pinuh kabungah milu ngibing atawa nari sabisana. Nya hal ieu pisan anu nambahan raména pagelaran Kuda Rénggong téh.
Baheula, miara Kuda Rénggong téh kacida diutamakeunana. Lian ti dibéré nyatu jukut jeung onggok, ogé dibéré madu, susu, jeung endog. Bulu dina beuheungna ogé dipiara kalawan hadé, diuntun maké pita tur dipasangan rurumbé anu hurung-hérang malar katempona leuwih payus.***

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com