Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

28 November, 2008

Sisingaan

Sisingaan téh salah sahiji jenis kasenian tradisional atawa seni pagelaran rakyat anu dilakukeun ku arak-arakan dina bentuk hélaran. Pagelaranana bisa dipintonkeun dina acara nyunatan, kagiatan HUT Kamerdékaan RI, jeung kagiatan hari-hari besar séjénna.

Dina seni sisingaan aya unsur-unsur saperti: seni tari, olahraga (penca silat jeung jaipongan), seni karawitan, seni sastra, jeung busana. Kabéh unsur gumulung tur silihdeudeul ngawangun hiji tari jeung lagu anu mindeng ditambahan ku gerak akrobat anu ngawangun formasi kawas standen.

Alat-alat anu digunakeun dina pagelaranana ngawengku: gotongan sisingaan, tarompét, ketuk, kempul, goong, jeung kecrék. Pakéan pamaénna ngagunakeun pakéan adat Sunda saperti calana kamprét, iket, beubeur, baju takwa, jeung maké sapatu “kelenci”. Ari anu numpakan sisingaanana biasana budak sunat anu maké pakéan sunatan.
Sacara étimologis, sisingaan asal kecapna tina “singa”, nyaéta wangun gotongan anu mirupa singa. Ku naon kudu bentuk singa? Béjana, singa téh sato anu ngalambangkeun kagagahan, kawani, jeung kakuatan.

Ceuk katerangan ahli seni (seniman), seni sisingaan munggaran gelar dina taun 1957 di Désa Cihérang, kira 5 kilométer béh kiduleun Kota Subang. Tuluy mekar ka wewengkon Cigadung jeung wewengkon séjénna di sabudeureun Kota Subang. Tokoh-tokoh anu boga jasa nepi ka kasenian Sisingaan kawentar téh di antarana Ki Demang Ama Bintang, Ki Rumsi, Lurah Jani, Mama Narasoma, jeung Ki Alhawi.

Nepi ka ayeuna, kasenian sisingaan geus mekar pisan tur kacatet aya kira 165 grup kalawan jumlah senimanna 2.695 seniman. Kamekaranana tétéla henteu ngan ukur di wewengkon Subang, tapi geus nerekab ka wewengkon Kabupatén Bandung jeung Sumedang.
Ku lantaran kamekarana siga kitu, keur ngamumulé ieu seni, Pamaréntah Kabupatén Subang teu weléh ngayakeun féstival sacara maneuh jeung mromosikeun ka tingkat propinsi jeung nasional, pangpangna di kalangan pamaréntah jeung dunya bisnis.

Sumber www.Jabar.go.id

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com