Bekasi, 16 Februari 2008
Kahatur
Tuang Raka
Di Panglinggihan
Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng wengi, sateuacana cumarios panjang lebar di dieu badé tumaros ngeunaan kaayaan di Tanggerang, kumaha damang? Sukur pami damang mah atuh, mugi salawasna aya dina ginulur rahayu ginanjar kawilujengan sareng dipaparin kasehatan dina mancén damel sadidinten.
Sanaos dina mangsa ti leuleutik nepi ka kiwari kuring sok nyebat ngaran atawa nénéhna ka anjeun nu teu sakuduna adi ka lanceuk, teu cara ka lanceuk-lanceuk nu sanes nyebat Euceu atawa Aa tapi da raraosan téh teu ngirangan rasa hormat kuring ka anjeun salaku lanceuk pangais bungsu. Da panginten ku caket pisannya. Tah dina seratan ieu mah ngahaja kuring bade nganggo kecap “Ceu” keur anjeun, kecap pondokna tina Euceu atawa ceuceu, lamun dina basa Sunda mah kecap nu dijadikeun panghormat ka lanceuk istri. Sanés ku nanaon, kitu téh supados langkung mernah ka manah salira.
Ceu, lamun urang nyawang deui ka mangsa nu geus lawas mani sok nineung nya? Mangsa urang silih rebut kaulinan, silih rebut kahayang, silih rebut bebeneran, ma’lum keur leutik lamun aya teu panuju téh langsung wé der gelut pajambak-jambak, silih teunggeul, silih cakar (da éta puguh jurus ampuh keur nyerang kuring téhnya). Muhun da tos puguh apan sanaos salira istri, apan salira mah siga pameget lamun ceuk basa kamalayon mah tomboy, malah Mimi mah nyebatna téh jangkrak. Muhun rumaos, pami urang nuju garot téh kadang-kadang mimi téh sok mangmeunangkeun. Teuing pedah kuring bungsu atawa memang saha nu salah, ma’lum nuju alitnya. Tapi pami di emutan deui, sanés nuju teu akurna waé nu nineung téh tapi pas nuju babarengan, nuju akurna ogé nineung pisan. Da lamun seug dibanding-bandingkeun mah asa seueur akurna urang téhnya. Emut nuju mangsa ka masjid babarengan, diajar ngaji babarengan, jajan sareng, ulin bareng ti mimiti dadaluan, engkélan, nepi ka dadagangan sok ngiringan. Diemutan deui téh memang tos sanes mangsana deuinya, pas mangsa urang geus sawawa (dewasa), sanes nu kararitu deui anu di carioskeun.
Ceu, ngahaja wengi ieu kuring nyerat ieu tulisan kumargi hoyong nepikeun kereteg haté nu nambih kadieu téh asa hoyong dikedalkeun. Hoyong éta ogé ngalangkungan telepon atawa sms tapi raraosan téh asa kirang saé, katambih-tambih kamari téh rada sesah deui di hubungina téh. Ah na pikiran téh sugan ngalangkungan ieu seratan tiasa ka kedalkeun naon-naon anu aya dina kereteg hate kuring, ari nuju pendak kadang-kadang bahasana téh kirang jero, da kaselang ku ngobrol ngalér ngidul. Tah didieuna sigana ku kuring badé dikedalkeun.
Ceu, nuju minggu kamari téh janten kuring jeung kulawarga, mimi, bapa sareng lanceuk-lanceuk nu dilembur ngahaja datang ka manéhna. Maksadna taya lian badé narosan, muhun apanan nuju kamarina téh kuring kantos nyarios ka anjeun aya maksad badé silaturahmi antar kulawarga, nu intina bade nyarioskeun sakaligus muguhkeun hubungan antara kuring jeung manéhna. Pan anjeun gé apal pisan antara kuring jeung manéhna téh tos lami hubungan sareng tos caket pisan. Sareng lamun aya nanaon téh kuring sok nyarios jeung anjeun, malahan mah apal pisan caritana basa manéhna hampir-hampiran bade nikah sareng nu sanés tapi duka kunaon teu janten manéhna malah balikan deui, jodo pangintennya.
Ah da tos pada apal caritana mah, upami dicarioskeun mah panjang teuing atawa upami dijantenkeun sekenario sinétron tiasa nepi ka sababaraha ratus episodeu, sapertos sinétron si Cinta sareng Si Rasya. Enya sinétron karesep mimi, da pami tos nonton sinétron éta téh sok hilap nanaon mimi mah, nepi ka nuju gogoréng sok tras ditinggalkeun nu ahirna tutung weh goréng tempé téh. Eh geuning kamana karep ngadongéng téhnya, urang uih deui ka nu tadi, tah pas silaturahmi dua kulawarga kamari jadi aya kaputusan yén acara nikah téh badé dilaksanakeun kirang langkung dua sasih deui ti ayeuna. Saleresna kuring ogé kaget mani buru-buru kitu téh ceu, enya apanan dua sasih kapengker kulawarga urang téh tos ngalaksanakeun hal sarupa kitu. Kahoyong téh rada tebih supados sepuh téh tiasa aya ancang-ancang heula, tapi memang ti dituna hoyong enggal-enggal jadi nya kedah kitu.
Pasti kagét memang, pas anjeun miring kabar saperti kitu téh. Tapi dalah dikumaha, ieu sigana konsekuensi kuring kedah mayunan hal sarupa kieu. Kalayan kajembaran manah, mugi salira ogé ngartos kana posisi anu ku kuring dialaman kiwari.
Ningali kana posisi, muhun apanan salira téh lanceuk kuring pangais bungsu katambih-tambih isteri deuih. Sareng nilik ka budaya nu aya disabudeureun urang, dipahing pisan ngalengkahan lanceuk isteri atawa anu disebut ngarunghal lanceuk isteri. Eta sigana ceu nu janten emutan kuring nepi ka kiwari, sok sanaos ti anggangna urang tos padungdengan ngeunaan hal éta sareng anjeun nyebat “sanaos lahir ti payun, tapi perkara nikah mah henteu salawasna kitu” tapi haté téh asa gaduh dosa waé. Sok seueur patarosan na’ jero hate ”kumaha sikep dulur-dulur atawa tatangga mireng hal sarupa kieu?” nepi ka kiwari masih balueng, masih boga rasa salah ka anjeun. Na pikiran téh, keun ari perkara batur atawa nu sanésna ceuk kasarna nyalah-nyalahkeun ka kuring tapi nu penting mah jirimna nyalira nya éta anjeun sorangan tiasa nampi sareng ngama’lum kaayaan kuring.
Ceu, sakieu waé heulanya, mugia kalayan kajembaran manah anjeun tiasa nampi kaayan sapertos kieu. Sakali deui hapunten bilih hal ieu matak ngaraheutkeun manah salira, hatur nuhun kana perhatosan, kanyaah, anjeun ka kuring salami ieu. Neda pidu’ana waé mugia sadayana aya dina kalancaran. Amin!

Wassalamualaikum Wr.Wb
0 komentar:
Posting Komentar