Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

19 Februari, 2008

Imah Adat Sunda Buhun

Aya sababaraha (beberapa) rupa (jenis) wangunan sunda buhun (lama) teh, diantarana:

· Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng (lurus). Mun basa indonesia mah, atap pelana. Siga (saperti) pelana kuda. (Suhunan Jolopong merupakan bentuk rumah yang atapnya memanjang), disebut oge (juga) suhunan panjang, gagajahan, jeung regol.
· Jogo (tagog) anjing: Wangunan anu bentukna saperti anjing keur jogo (duduk) Suhunan hareup (nu siga bangus/ mulut anjing) ngiuhan émpér imah (menutupi teras rumah).

· Badak heuay: Dedegna imah badak heuay rada deukeut ka jogo (tagog) anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup. (bentuk rumah badak heuay seperti tagog anjing tapi diatas kepala suhunan ada tambahan atau atap belakang dan depan menyerupai badak sedang menguap)

· Parahu kumureb: Potonganana (bentuknya) siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik, di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub.


· Capit Gunting: Potongan imah anu tungtung suhunanana make kai atawa awi dicagakeun saperti gunting rek nyapit.
· Julang ngapak: Julang ngapak mun diténjo ti hareup (dari depan), suhunan kénca katuhuna (kanan kiri) siga jangjang (sayap) manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna. (Julang ngapak seperti burung yang sedang terbang)

· Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya émpér (teras) panjang dihareup.
· Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan

·Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana
Umum:

o gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
o joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
o balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
o poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
o pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
o ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
o régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
o saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

Pamaréntahan:
o babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
o balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
o balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
o balé kota: kantor walikota atawa bupati
o balé watangan: pangadilan
o gedong songko: imah bupati baheula
o kadaton, karaton
o pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
o kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
o kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
o bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
o bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.
Transportasi:
o hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
o stasion: pangeureunan (tempat berhenti) karéta
o halteu: pangeureunan beus

Tatani (pertanian) jeung Dagang:
o jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
o palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
o leuit: gudang tempat nyimpen paré
o gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
o bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Sato (hewan):
o pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang (kandang besar atau tempat yang didalamnya banyak kandang)
o gedogan, istal: kandang kuda
o karapyak: kandang munding (kerbau) atawa sapi nu dikurilingan ku pager
o pagupon: kandang japati (merpati)
o paranjé: kandang hayam (ayam)

Ibadah:
langgar, tajug
Masigit (masigit)
Gareja (greja)
Dioropea ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Wangunan_Sunda", & Ahmad Hadi

2 komentar:

Anonim mengatakan...

eusina kurang pinuh yeuh baraya, cos abdi nuju cari2 tentang sagala rupa nu ngeunaan imah sunda tiasa mantosan teu?

Anonim mengatakan...

upami saur abdi mah wangunan sunda buhun di wangun sanes kanggo tempat cicing wungkul tapi didinya aya maksad atawa nilai simbolisna.contona wangunana atap jolopong. jolopong hartosna teh sare. dina wangunan sunda aya tempat nu fungsina kanggo sare nyaeta pangkeng.tah kamungkinan baheula teh imah fungsi utamana dipake ajang sare.tah upami ayeuna aya ruang-ruang anu lain da meuruen aya patalina jeung kabutuhan nu berkembang sajalan jeung pola pikir manusana

Template by : kendhin x-template.blogspot.com