Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

15 Februari, 2008

February 2008

Mungguh da sakola nu ditempatan ku kuring teh mangrupakeun sakola nasional plus anu murid-muridna gabungan ti sababaraha suku bari jeung nu ngawangun sakola eta teh sabenerna mah kumpulan jalma-jalma bisnis wungkul. Coba we bayangkeun keur biaya asup ka ieu sakola teu nepika puluhan juta, malah mun di bandingkeun jeung biaya kuliah kuring mah asa tebih lemah ka langitna. Da nu sakolana ge lain jalma biasa-biasa, tapi ti kalangan tengah nepi ka luhur (nya ari lolobana mah anak konglomerat).
Program pangajarana mangrupakeun hasil gawe bareng jeung salasahiji lembaga pendidikan nu aya dii luar nagri, jadi lamun rek kuliah di luar cara di Australia, Walanda, Singapura nepi ka Amerika gancang ditarimana henteu saperti lulusan ti SMA negri, bejana mah atawa teuing ngan saukur media keur narik minat siswa. Da ari keur otak bisnis mah aya wae. Dina prak proses pangajarana leuwih ngutamakeun pelajaran bahasa asing jeung mata pelajaran anu diunggulkeun di eta sakola. Da ari pangajaran nu sipatna umum mah dianggapna teh kurang penting. Komo ka pangajaran budaya atawa basa Sunda, nganggapna teh moal nguntungkeun jeung moal laku di dunya bisnis mah. Malah jamna oge dikurangan, sesana titambahkeun ka pangajaran basa asing saperti mandarin, jepang, malah ku teu ngagap penting-penting pisan unggal sabulan sakali diganti ku pangajaran BK (bimbingan konseling).
Pedah aya pangajaran basa Sunda tempatna masih kaasup wewengkon Jawa Barat, jadi weh wajib aya pangajaran Basa Sunda. Sabab ngan hiji kakuatan nu dijadikeun payung sangkan pangajaran basa Sunda terus aya nya eta peraturan pamarentah daerah nu ngawajibkeun unggal sakola (SMP boh SMA) sa-Jawa Barat kudu diayakeun pangajaran basa Sunda. Da lamun henteu kitu mah geus loba sakola nu ngaganti pangajaran basa Sunda ku mata pelajaran lain.

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com