
Garapan gending tembang Sunda Cianjuran dihasilkeun tina waditra dua siki kacapi anu ngarana kacapi indung jeung kacapi rincik, ditambah hiji suling atawa rebab. Umuna tembang Sunda Cianjuran dimimitian ku musik instrumentalia pikeun bubuka. Saenggeus bubuka diteruskeun ku papantunan, dedegungan, jejemplangan, sarta dipungakas ku raranc

Baheula tembang Sunda Cianjuran mangrupakeun acara kalangenan pikeun kaum ménak di lingkungan pendopo Kabupatén Cianjur. Mimiti tembang Sunda Cianjuran diciptakeun ku Bupati Cianjur ka-7 nya éta R.A.A Kusumaningrat anu ngabogaan gelar Kanjeng Dalem Pancaniti (1834-1864). Kasenian mekar pisan dina mangsa pamaréntahan Bupati Cianjur ka-8 nya éta R.A.A Prawiradirja (1864-1910), putrana Dalem Pancaniti. Saterusna disebarkeun ka sakuliah Jawa Barat ku R.d Ecé Majid anu masih kénéh dulur bupati sarta nyepeng kalungguhan salaku seniman pendopo.
Pikeun miéling jasa Kanjeng Dalem Pancaniti, dijieun Kacapi Emas Pancaniti anu dijadikeun piala bagilir pikeun pinunjul pinunjul pasangiri Tembang Sunda anu mindeng dilaksanakeun ku hiji organisasi mahasiswa Sunda di Bandung nya éta Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS)
(Dicutat tina majalah Gentra Pramuka, edisi 10, 1996)
0 komentar:
Posting Komentar