Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

21 Agustus, 2008

PANGANTÉNAN DI BEKASI

Dina mangsa taun genep puluhan, waktu nu hadé pikeun ngalaksanakeun hajat panganténan di Bekasi nya éta sabada panén. Acara panganténan baris lumangsung nalika kulawarga hiji mojang kadatangan kulawarga hiji bujang nu maksud nyangcang éta mojang, lamun istilah ayeuna mah ngalamar atawa tukeur cingcin. Barang anu dipaké pikeun nyangcangan atawa ngalamar lain mangrupa émas, tpi duit anu jumlahna pantes, luyu jeung kamampuh kulawarga éta bujang.
Kira-kira sabulan atawa dua bulan sabada nyangcang, kulawarga bujang nyangcang deui pikeun masrahkeun duit, parabot rumahtangga, jeung barang bawaan séjénna ka kulawarga éta mojang. Acara ieu disebut ngebruk, atawa seserahan(di wewengkon priangan mah). Dina poé éta sakalian barempug dina nangtukeun poé pepekan. Poéan pepekan hartina poéan pangantén diarak diramé-ramé.
Sapoé saméméh pepekan, kulawarga calon pangantén awéwé ngayakeun acara mangkatan atawa ngarasulan. Maksud tina ieu acara nya éta ngondang tatangga pikeun ngadu’a ka Nu Kawasa supaya dina waktuna acara pepekan aya dina kalancaran jeung kasalametan. Pasosoré sabada acara mangkatan, rombongan calon pangantén lalaki daratang. Peutingna calon pangantén lalaki jeung awéwéna maraké pacar, tatahar pikeun nyanghareupan acara pepekan.
Isukna, kira-kira jam tujuh, mimiti dilaksanakeun acara pepekan. Calon pangantén dihias maké baju pangantén lengkep, siap diarak ngurilingan lembur. Lamun tempatna aya di puseur dayeuh (pusat kota) mah tutumpakana maké béca atawa délman, tapi dipakampungan calon pangantén awéwé diarak maké joli-joli (sarupaning tandu tina korsi panjang) sedengkeun ari pangantén lalaki mah nuturkeun maké sapedah.
Barisan pangheulana waktu pepekan dimimitian ku rombongan kasenian Tanjidor, barisan kadua mangrupa iring-iringan pangantén, dipungkas ku barisan anu katilu rombongan kasenian gamelan. Rombongan pangantén diarak ramé pisan ngurilingan lembur. Sadatangna ka imah calon pangantén awéwé langsung disawér ku béas dicampur ku duit jeung konéng. Duit jeung konéng mangrupa perlambang sangkan éta pangantén gempang dipaparin rijki sarta tinemu jeung kabagjaan dina ngambah sagara rumah tanggana. Ti sore nepikeun ka peuting tingburudul anu ondangan bari lalajo hiburan kasenian, diantarana wayang, topéng, atawa cokék aya ogé anu nanggap lenong. Bédana antara acara pangantén baheula jeung ayeuna bias katitén dina waktu akad nikah. Baheula mah akad nikah dilaksanakeun sabada acara raraméan, sedengkeun ayeuna mah réngsé akad nikah kakara diayakeun acara raraméan. Sababaraha istilah dina tahapan acara panganténan nepi ka ayeuna masih kénéh diparaké ku sawaréh masarakat di kampung nu aya di wilayah Bekasi.

(diropéa tina buku Pangajaran Cahaya Basa)

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com