Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

19 Februari, 2008

Ngeunaan Basa Indung

Baheula, kurang leuwih 7000-8000 basa anu dipake ku manusa disakuliah dunya. kiwari basa nu masih aya ngan 6000an. tina 6000 basa nu nyesa kira-kira ngan satengahna anu dipake ku para panyaturna jeung masing-masing kurang leuwih ti 10 rewu nu ngagunakeun. anu saparapatna deui ngan ku ratusan jalma nu ngagunakeun.
Basa Sunda nu mangrupakeun bagian tina basa indung kiwari kaayaana geus pikahariwangeun. Sabab geus loba urang sunda nu geus henteu ngagunakeun deui basa Sunda, apanan ceuk paribasa "basa teh ciciren bangsa". UNESCO geus ngampanyeukeun jeung netepkeun tanggal 21 Februari jadi indung internasional. Ku kituna, urang salaku urang Sunda kudu ngagunakeun Basa Sunda dina kehirupan sapopoe. "ulah era nyarita basa Sunda"

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com