Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

28 Oktober, 2008

Aksara Sunda

Aksara Sunda nujul kana hiji sistem ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku huruf-huruf katut cara-cara pikeun nuliskeun Basa Sunda. Aksara anu dimaksud di dieu nyaéta "Aksara Sunda Baku" anu pamakéanana disahkeun ku Palaturan Daérah (Pérda) No. 3 taun 2003 Pamaréntah Propinsi Jawa Barat.
Aksara Sunda Baku mangrupakeun hasil ngamutahirkeun aksara Sunda Buhun (Kuna/Kuno) pikeun pamakéan kiwari. Kiwari, aksara Sunda Baku dipakéna dina:
>Pangajaran basa Sunda di sakola-sakola
>Baliho gedong-gedong pamaréntahan, paguron luhur jeung sakola.
>Plang ngaran-ngaran jalan di kotamadya jeung kabupatén di Jawa Kulon
Di handap ieu mangrupakeun Aksara Sunda:





Tambah Gambar



Diropéa tina Jamparing. Sytes

Read More......

27 Oktober, 2008

KH. Noer Ali

“Lain urang Bekasi ngaranna lamun henteu wawuh KH. Noer Ali“. Eta téh babasan téh mindeng dicaritakeun ku kolot baheula. Anjeunna pohara kawéntar di masarakat Bekasi alatan anjeuna jadi ikon kabanggaan balaréa Batawi (hususna di Karawang-bekasi) dina mangsa revolusi. Anjeunna kawéntar ku sebutan “Singa Karawang Bekasi” atawa aya ogé anu nyebutkeun “si Belut Bodas”. Anjeunna nyaéta saurang ajengan sarta pamingpin dina jaman revolusi.

KH. Noer Ali dibabarkeun Bekasi taun 1914 di Kampung Ujung Malang Bekasi, sajaba bajoang ngalawan pangjajah anjeunna ogé ngabogaan pasantrén At- Taqwa anu pusatna aya di Kampung Tungtung Harepan (tiheula ngaranna Tungtung malang). Kiwari pasantrén éta geus ngabogaan leuwih ti 50 Cabang.
Perjoangan anjeunna kitu sok dicaritakeun ku para kolot atawa guru, caritana kawas film-film kolosal. Anjeuna bisa leupas/menghilang sabot ditéwak walanda (meureun alatan éta anjeuna di Sebut/ berjuluk si belut bodas), meriam-meriam walanda anu henteu bisa ngajelegur, murid-muridna anu weduk/ kebal pélor alatan rajin ibadah jeung amalan wirid sarta ratibna. Anjeunna ogé pohara kawéntar di mata balaréa non muslim alatan boga rasa toleransi, hal éta dibuktikeun sabot anjeunna pohara nangtayungan balaréa tiong hoa anu non Muslim ti pangjajah Walanda.
Dina 9 Nopémber 2006 ahirna anjeuna diangkat jadi pahlawan Nasional, pamaréntah RI masihan gelar Pahlawan Nasional sarta Tanda Cahara Béntang Mahas Putra Adipradana.

Read More......

21 Oktober, 2008

Read More......

09 September, 2008

Tembang Sunda Cianjuran

Salasahiji jenis kasenian tradisional Jawa Barat anu kakoncara nya éta Tembang Sunda Cianjuran. Nurutkeun élmu karawitan, Tembang Sunda Cianjuran mangrupa karawitan sekar gending. Tembang dina ieu kasenian kabagi jadi dua bagian, nya éta tembang mamaos jeung tembang panambih. Tembang mamaos nya éta tembang has ti Cianjur anu ngabogaan irama bebas. Sedengkeun tembang panambih nya éta tembang tembang-tembang anu sipatna panambih atawa panglengkep. Tembang panambih kauger ku padika tradisi nepi ka juru mamaos kudu nuturkeun iramaa juru pirig.
Garapan gending tembang Sunda Cianjuran dihasilkeun tina waditra dua siki kacapi anu ngarana kacapi indung jeung kacapi rincik, ditambah hiji suling atawa rebab. Umuna tembang Sunda Cianjuran dimimitian ku musik instrumentalia pikeun bubuka. Saenggeus bubuka diteruskeun ku papantunan, dedegungan, jejemplangan, sarta dipungakas ku rarancagan bari diseling ku tembang panambih.
Baheula tembang Sunda Cianjuran mangrupakeun acara kalangenan pikeun kaum ménak di lingkungan pendopo Kabupatén Cianjur. Mimiti tembang Sunda Cianjuran diciptakeun ku Bupati Cianjur ka-7 nya éta R.A.A Kusumaningrat anu ngabogaan gelar Kanjeng Dalem Pancaniti (1834-1864). Kasenian mekar pisan dina mangsa pamaréntahan Bupati Cianjur ka-8 nya éta R.A.A Prawiradirja (1864-1910), putrana Dalem Pancaniti. Saterusna disebarkeun ka sakuliah Jawa Barat ku R.d Ecé Majid anu masih kénéh dulur bupati sarta nyepeng kalungguhan salaku seniman pendopo.
Pikeun miéling jasa Kanjeng Dalem Pancaniti, dijieun Kacapi Emas Pancaniti anu dijadikeun piala bagilir pikeun pinunjul pinunjul pasangiri Tembang Sunda anu mindeng dilaksanakeun ku hiji organisasi mahasiswa Sunda di Bandung nya éta Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS)
(Dicutat tina majalah Gentra Pramuka, edisi 10, 1996)

Read More......

21 Agustus, 2008

PANGANTÉNAN DI BEKASI

Dina mangsa taun genep puluhan, waktu nu hadé pikeun ngalaksanakeun hajat panganténan di Bekasi nya éta sabada panén. Acara panganténan baris lumangsung nalika kulawarga hiji mojang kadatangan kulawarga hiji bujang nu maksud nyangcang éta mojang, lamun istilah ayeuna mah ngalamar atawa tukeur cingcin. Barang anu dipaké pikeun nyangcangan atawa ngalamar lain mangrupa émas, tpi duit anu jumlahna pantes, luyu jeung kamampuh kulawarga éta bujang.
Kira-kira sabulan atawa dua bulan sabada nyangcang, kulawarga bujang nyangcang deui pikeun masrahkeun duit, parabot rumahtangga, jeung barang bawaan séjénna ka kulawarga éta mojang. Acara ieu disebut ngebruk, atawa seserahan(di wewengkon priangan mah). Dina poé éta sakalian barempug dina nangtukeun poé pepekan. Poéan pepekan hartina poéan pangantén diarak diramé-ramé.
Sapoé saméméh pepekan, kulawarga calon pangantén awéwé ngayakeun acara mangkatan atawa ngarasulan. Maksud tina ieu acara nya éta ngondang tatangga pikeun ngadu’a ka Nu Kawasa supaya dina waktuna acara pepekan aya dina kalancaran jeung kasalametan. Pasosoré sabada acara mangkatan, rombongan calon pangantén lalaki daratang. Peutingna calon pangantén lalaki jeung awéwéna maraké pacar, tatahar pikeun nyanghareupan acara pepekan.
Isukna, kira-kira jam tujuh, mimiti dilaksanakeun acara pepekan. Calon pangantén dihias maké baju pangantén lengkep, siap diarak ngurilingan lembur. Lamun tempatna aya di puseur dayeuh (pusat kota) mah tutumpakana maké béca atawa délman, tapi dipakampungan calon pangantén awéwé diarak maké joli-joli (sarupaning tandu tina korsi panjang) sedengkeun ari pangantén lalaki mah nuturkeun maké sapedah.
Barisan pangheulana waktu pepekan dimimitian ku rombongan kasenian Tanjidor, barisan kadua mangrupa iring-iringan pangantén, dipungkas ku barisan anu katilu rombongan kasenian gamelan. Rombongan pangantén diarak ramé pisan ngurilingan lembur. Sadatangna ka imah calon pangantén awéwé langsung disawér ku béas dicampur ku duit jeung konéng. Duit jeung konéng mangrupa perlambang sangkan éta pangantén gempang dipaparin rijki sarta tinemu jeung kabagjaan dina ngambah sagara rumah tanggana. Ti sore nepikeun ka peuting tingburudul anu ondangan bari lalajo hiburan kasenian, diantarana wayang, topéng, atawa cokék aya ogé anu nanggap lenong. Bédana antara acara pangantén baheula jeung ayeuna bias katitén dina waktu akad nikah. Baheula mah akad nikah dilaksanakeun sabada acara raraméan, sedengkeun ayeuna mah réngsé akad nikah kakara diayakeun acara raraméan. Sababaraha istilah dina tahapan acara panganténan nepi ka ayeuna masih kénéh diparaké ku sawaréh masarakat di kampung nu aya di wilayah Bekasi.

(diropéa tina buku Pangajaran Cahaya Basa)

Read More......

11 Agustus, 2008

Pangajaran

Di handap ieu mangrupakeun kumpulan pangajaran basa, sastra jeung budaya Sunda. Mangga kantun ngaklik wae:
1. Pangajaran Pupuh
2. Pangajaran Kawih Sunda
3. Istilah Kasenian Sunda

Read More......

03 Juli, 2008

Administrasi Pangajaran

Salasahiji anu jadi kawajiban jeung kabutuhan keur guru dina nyanghareupan taun ajaran anyar téh nyaéta nyiapkeun perangkat pembelajaran, ti mimiti program taunan, program seméster, silabus, RPP, jeung sajabana. Kukituna loba guru nu merlukeun perangkat pembelajaran éta. Dina KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) guru dituntut sarta dibere kabebasan pikeun ngamekarkeun program pangajaranna luyu jeung visi jeung misi sakola sarta lingkungan di sabudeureun sakola. Sanajan aya kabebasan dina ngamekarkeun pangajaranana, tetep kudu nyako kana Standar isi anu ditetepkeun ku pamarentah. Husus pelajaran Bahasa dan sastra Sunda Standar eusina ditetepkeun ku pamarentah propinsi anu langsung ditandatangan ku Gubernur Jawa Barat, sarta kiwari geus disosialisasikeun. Parandéné kitu, masih loba sakola di daerah-daerah anu acan meunang informasi kalawan gemet ngeunaaan sosialisasi KTSP sarta acan meunang SKKD pikeun babon dina nyusun silabus jeung RPP.
Ngahaja di dieu sim kuring nyadiakeun SKKD (Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar) pangajaran bahasa jeung sastra Sunda jeung sababaraha Conto silabus RPP jeung nu liana. Bilih bapa/ ibu guru bahasa Sunda meryogikeun mangga kantun diunduh (download) di dieu (dihandapeun administrasi pangajaran). Kumargi kawatesanana dina nyusun ieu administrasi pangajarannana, mangga kantun diropéa luyu jeung kodisi lingkungan sareng jumlah jam. Kanggo kategori anu aya passwordna, mangga tiasa konfirmasi ka email: http://www.eka_heri@yahoo.co.id/.
Administrasi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda
  1. SD Kelas 2
  2. SMP Kelas VII,VIII, IX
  3. SMA Kelas X,XI, XII

Administrasi SMA KLS X & KLS XI (Update)

1. Kelas X

2. Kelas XI

Administrasi Pangajaran SMP (Gapura Basa)

1. Kelas VII

2. Kelas VIII

3. Kelas IX

Administrasi Pangajaran SMA/SMK (Pamager Basa)

1. Kelas X

2. Kelas XI

3. Kelas XII

Bank Soal Basa Sunda SMA: (download)

Read More......
Template by : kendhin x-template.blogspot.com