Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

22 April, 2008

Garnawis Sunda

Nurutkeun kamus Basa Sunda R. Satjadibrata (1946), kecap garnawis téh hartina rumbé-rumbé tina garneat atawa pernak-pernik. Ngahaja ku kuring kecap garnawis téh dilarapkeun kana blog “Garnawis Sunda”. Nu ngarana pernak-pernik, blog “Garnawis Sunda” dijerona mangrupa unak-anik ngeunaan kasundaan boh bahasa, budaya jeung pangajaranna disusun dina ieu blog. Eusina henteu jero teuing atawa aya tulisan basa Indonesia, ngahaja deui ku kuring dipidangkeun. Sabab blog ieu salian dipidangkeun keur urang Sunda nu mikaresep basa jeung budaya Sunda katut pangajaranana, ogé ieu blog dipidangkeun keur barudak nu basa indungna lain basa Sunda sarta boga pancén diajar basa Sunda jeung budayana. Mun ningali layoutna masih paburantak jeung pabaliut sarta masih aya kategori-kategori nu sipatna pribadi, ma’lum masih dina proses diajar. Kritik jeung saran kacida diantosna geusan kasampurnaan ieu blog, tiasa ngontak ka eka_heri@yahoo.co.id atanapi tiasa langsung ka cbox (padungdengan). Muga-muga waé aya mangpaatna “sasieureun sabeunyeureun”. Cag!

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com