Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

31 Maret, 2008

Sangu Tutug Oncom

Nu sok inget dipangumbaraan teh diantarana kana kadaharan lembur, ma'lum salian ti hobi teh beuki deui kana dahar tapi lain hartina "hirup keur dahar", jadi tetep wae "dahar keur hirup". Nineung teh lamun geus dahar sangu tutug ocom, ku hayang dahar jeung sangu tutug oncom sok ngahajakeun neangan bahan-bahana, sanajan hese oge. Bisi poho nghaja deui bungbu-bungbuna di tulis dihandap, jeung bisi wae aya nu kataji pikeun nyieun sangu tutug oncom. Pokona lamun geus ngadahar sangu tutug oncom jadi poho kana hutang sakedapan..... resepna jeung cara nyieuna mani basajan pisan, sok geura urang tingali di handap:
Bahana :
- 8 siung bawang beureum
- 3 siung bawang bodas
- 2 luas cikur
- 1 kotak oncom (250 gram), mun bisa mah oncom bandung, tapi mun teu aya mah teu kedah maksakeun
- Uyah sacukupnya
- 1 piring sangu bodas (mun nu koneng mah sangu koneng)
- Penyedap rasa (disaluyukeun jeung kasuka)
Cara nyieuna :
1. Tumbuk bawang beureum, bawang bodas jeung kencur.
2. Haluskeun oncom.
3. Panaskeun kawali teu kedah nganggo minyak, asupkeun oncom bareng jeung bawang bodas, bawang beureum jeung cikur.
4. Campurkeun sangu jeung oncom anu geus dicampur bungbu.
5. Tutug oncom kantun diraosan.

0 komentar:

Template by : kendhin x-template.blogspot.com