Nineung ka mangsa keur kuliah tingkat dua, mangsa mimiti ting pucunghulna idealismeu kasundaan dina diri kuring. Da ari keur tingkat hiji mah asa masih mangsa peralihan ti SMA kénéh, dalah nyarita jeung babaturan gé harita mah kadang-kadang kamalayon. Tah ari geus tingkat dua mah nu karasa téh asa geus kuat pisan, ningali adi kelas nu nyarita mamalayuan téh sok langsung digeunggeureuhkeun. Harita ku hayang nunjukeun kuring téh bener-bener urang Sunda sarta boga idealismeu kasundaan, ngahaja lamun kuliah sok maké kampret hideung, lengkep jeung iketna, lian ti éta mun ulin nyanyabaan gé teu leupas tina iket téh, lamun henteu dipaké sok di sorendangkeun. Ari make iketna pariasi, aya nu model barangbang semplak, kuda ngencar, julang ngapak, kuda ngicir jsb. Tapi nu kitu téh lain kuring wungkul tapi sababaraha babaturan gé sarua. Cara kang Rizal sabda, Jang Tarlan, malah kang Adit mah ngahaja bisnis kamprét hideung, pajar téh lumayan keur nambah-nambah bekel di Bandung..
Hiji waktu pas rék kuliah saperti biasa ari mangkat téh sok babarengan, ngahaja ti kosan papakéan geus rapih, kamprét hideung jeung iket saperti biasa geus dipaké. Harita mangkat kuliah téh jeung kang Rizal nya sarua manéhna geus rapih, ngan béda ti kuring nu make kamprét hideng jeung potongan iket barangbang semplak, manéhna mah papakéana téh ala pupuhu adat Kampung Naga. Caritana sup wéh ka rohangan kuliah rék miluan kuliah Kajian Budaya Sunda jeung Pa H. Elin Syamsuri, kabeneran deuih anu diiket téh ngan ukur kuring jeung kang Rizal. Pas geus der kuliah kabeneran nu ditanya ngeunaan budaya Sunda ku Pa H. Elin téh kuring, tapi kuring teu bisa ngajawab. Antukna kuring ngan luak lieuk tandaing teu apal, atuh langsung wéh Pa H. Elin téh nyarita “…wah kalah ka iket ditanya nu kitu waé teu apal…”. Beungeut beurum atuh da sapada harita da babaturan ting cakakak, tapi langsung hayang seuri deui pas ningali kang Rizal langsung ngalaan iketna bakat ku sieun ditanya meureun.
Inget hal pikaseurieun éta téh ayeuna wéh, pas mulai deui usum kampanyeu PILKADA. Loba calon pamingpin daérah nu ngahaja maraké atribut kadaérahan, ti mimiti make kamprét jeung iket cara kuring jeung kang rizal baheula, malah mah nepi ka aya nu ngahaja turun ka sawah ngabaur jeung para patani nu keur macul jeung terus wéh ngilu macul. Ari alesana mah gampang, hayang ngahiji jeung jalma leutik cenah atawa hayang ngahiji jeung rahayat. Padahal saméméhna atawa sapopoéna mah maranéhna mah jajauheun ti nu kararitu, malah aya nu saacana mah cicingna téh di Jakarta. Nya pédah keur boga kahayang waé meureunnya.
Tapi angger ari dina riungan mah kaciri atuh da, masih pabaliut lamun nyarita basa Sunda téh jeung aya kesan maksakeun. Nya tungtungna mah angger basa Malayu nu dipaké téh, sanajan kostum geus lengkep ti mimiti kamprét jeung iketna. Sok kabayang lamun seug aya pa H. Elin nanya ku Basa Sunda nu hadé ngeunaan kasundaan ka calon éta sigana tél langsung waé anjeuna sasuran “weh kalah ka iket……..!!!!

1 komentar:
Huahahaha,,,Sisindiranna ge aya:
Kalah ka iket,,eusian atuh eusian,,
kalah papuket,,,colokan atuh colokan
(Kanggo mlem pertama Eka) hihihihi...
Posting Komentar