Januari 2008
Teu karasa Hirup di pangumbaraan téh geus nincak kana tujuh bulana. Ti mimiti kuring lulus kuliah ti Bandung téh langsung jleng waé ka dieu. Teu cara babaturan nu terus marulang deui ka lemburna, atawa nu tetep di Bandung cara Kang Adit, bubuhan éta mah da kapépéongan unggal usik ku adi tingkatna, atawa cara Mang Amat anu tetep btah bumetah di warnét atuh da geus puguh deui ari Mang Amat atawa Kang Déni Lembang, sareng jang Aris mah da pituin urang Bandung sok sanajan di tungtung lembur ogé. Béda deui ari Mang Aép mah sanaos anjeuna tos mulang ka lembur téh malah hoyong ka Bandung deui da saurna di Bandung mah seueur nu harérang. Jeung loba deui batur kuring nu kiwari teu apal jlegna di mana.
Ari tujuan kuring ka dieu téh taya lian sarua rék nyobaan ngadu nasib, sugan wé aya pagawéan nu cocog jeung haté, nya ari pagawéan mah geus puguh da kuring mah ti baheula gé rék konsistén jadi guru nu sapopoéna ngajar Basa Sunda. Ti mimiti aya panggilan ti hiji sakola nu cenah ceuk béja éta téh sakola élit, kuring mulai nyumponan administrasi keur asup sakola éta. Bener waé ieu mah, barang datang ka sakola, kuring ukur olohok ngembang kadu ningali sakola nu sakitu hadéna. Nyatana lain Mall atawa swalayan wungkul nu wangunana siga kitu téh. Komo deui barang kuring geus nataan rohangan-rohangan di sakola nambah gogodeg waé, unggal rohangan kelas teu weléh dipasang AC (Air Conditioner), computer jeung internetna, LCD (lengkep jeung layarna), aya ogé rohangan nu dipasieup ku rupa-rupa lukisan anu sakitu mahalna. "Wah lumayan yeuh" gerentes hate, sugan bisa mekarkeun pangajaran basa jeung sastara sunda, kalawan ngagunakeun alat anu ngadukung kana proses pangajaran. Sagala aya memang didinya mah, mun hayang dahar teu kudu ka KFC atawa ka Micdonal (batur mah nyebutna teh mekdi) da sagala geus sagala nyampak boh Fried chicken, burger, hot dog, spagheti, chicken katsu, jeung réa-réa deui, apan malahan mah engké ka hareupna bakal aya mini market sareng Gramédia sagala.
Mimiti rék asup ngajar ka kelas hate téh asa ruga-rigeu kénéh, da puguh can apal na budak saha, budak naon nu bakal diajar ku kuring téh. Barang munggaran asup sakola tambah teg we rarasaan teh ningali barudak nu asup sakola dianteur ku kolotna atawa supir pribadi, lamun diitung-itung mah budak sakola nu asup sakola unggal isuk sidikna sa budak teh dianteur ku mobil pribadi (ieu sigana nu nyababkeun jalan sok macet teh da saurang murid teh sa mobil, bisa dibayangkeun meureun), ari mobilna lain mobil padu wae deuih (aya BMW, pugeot, pang bututna teh samodel avanza, atawa kijang da geus puguh mobil carry atawa angkot mah tara aya, iwal jemputan keur karyawan). Matakna dina pikiran teh teu weleh tatanya "na budak saha atawa budak naon, budak meunang maraban hasil naon??" cenah deui ceuk beja waragad keur asup sakolana ge teu cukup ku sajuta dua juta tapi nepi ka puluhan juta teu, teu cara kuring keur kuliah waragag keur kuliah teh ngan ukur satengah juta sasemester.

Heueuh da geus puguh ti tadina ogé yén kuring téh rék ngajar basa Sunda diniatana ogé tapi basa panganteurna kudu ngagunakeun basa Inggris sanajan barudak nu diajarna ogé anak jelema dieu, dina harti masih bangsa urang kénéh. Dina prakna ngajar téh sagala jurus digunakeun malah basa Inggris nu keur waktu SMA atawa kuliah mah ngan saongkoseun téh dipaksakeun dipaké (sanajan ngan ukur greeting “good morning, good afternoon, good night, jrrd nu henteu téh guujubarrr éta mah puguh basa Sunda). Da éta ogé nu dijadikeun hiji kaunggulan di éta sakola. Sakecap dua kecap basa Sunda mimiti dikedalkeun ku kuring di hareupeun kelas, susuganan barudak téh bisa diajak komunikasi ku ngagunakeun basa Sunda. Barang geus beres nyarita, barudak téh ngan ukur ting lalieuk jeung pada baturna da cenah teu ngarti sakecap-kecap acan kana basa Sunda nu digunakeun ku kuring. Beu cilaka dua welas...................
0 komentar:
Posting Komentar